
KALAWAN HURMAT
Kaula kalawan gusti nepungan ka arandika nu aya di tatar pasundan , kaula mere bewara ka jalma - jalma nungalarti ngarti kana diri jeung asalna diri , tur maranehanana sok ngasuh kalimah kalih , kaula moal maranggihan ka jalma - jalma nutara mapaykeun kokocorannana .
Timimiti ieu alam di cipta kunu maha widi dzat ajawajallah nu maha murbeng alam nu mayungan siang kalawan weungi. Kaula geus aya di hareupeun arandika! Hey.. Para jajaka geura narindak anjeun !! Ka jalma - jalma nu make kedok agama , anjeun ulah sok ngabarohongan diri arandika sorangan , kiwari geus waktuna andika narindak tapi nindakna lain kujalan kasar , keun kaula bakal ngabantu, kaula datang teungahaja tapi kaula datang di utus ku sang rumuhun ti pajajaran yen kudu ngabejaken naon-naon anu bakal kalakon, di hareup ieu bakal aya bancang pakewuh anu datangna ti dapur , bakal parebut paham antara adi jeung lancek anu bakal ngabalukarkeun mumusuhan antara adi jeung lancek . Ari anu diparebutkenana paisan kosong anu tacan pararunguh eusina , ari anu di paseakennana dagangan elmu aqidah anu dipake dalihna Al-Qur'an. Naon atuh ari hartina Qur'an jeung naon atuh ari eusina Qur'an??? Hamo kumaranehanana moal kapanggih sabab maranehanana teu percaya ka karuhunan sorangan atawa kana rangguyanana sorangan , Ari karuhun batur di aku di dama- dama , masing kalah kumaha oge moal kapanggih , sabab aranjeuna kakata iman mardud , nyaeta nganyatakeun kaneneuranana Rosulluloh SAW. Ari ahlak jeung tingkah paripolahna teu di turutan.
Sok arandika ari hayang di aku dulur atawa turunan kaula mah , geura ngaku ku jalan babakti jeung papada kaula , kaula geus teubutuh ngan kaula hayang di aku ari carana :
Dina mangsa bulan aleum kuning peuting anu sepi jempling ,hawar - hawar sora jangkrik jeung simeut cangkas anu di sarada pi kalucueun mapaesan sepi jemplingna eta peuting, peuting anu pinuh ku cahaya ratusan juta cahaya , ari angin ngahiliwir ngahudangkeun pepelakan anu ngajadikeun ciri wujud nyatana anu maha miwidi. anu kudu di akraban ku manusa anu ngabogaan papakeum . angin datang ti sababaraha madhab : kaler kidul kulon wetan sarta luhur handap tukang hareup.sakanehna nembus kana jajantung nyusup kana kalbu sumarambah kana bayah sarta ngancik dina ati sanubari anu bisa ngagugah kana tapakurna diri , napakuran alam sagir jeung alam kabir nu aya di tatar pasundan umumna di sakabeh ieu alam dunya, anu pinuh ku papaes nu arendah sarta mungguh jalma anu napakuran manggihkeun BABAK SALIRA WUJUD ASALNA DIRI.supaya heunteu samar manggihkeunnana KALIMAH KALIH "murangkalih sakembaran pangeran kilat kancana"
sok anjeun tempo kabelah kaler pek panggihan dulur anu dibelah kaler, nu kapanggih palingna oge ngan saukur gunung sarta lamping anu di papaesan nyurugna cai, tuluy tanya! pasti jawabna "panggihan we dulur anu di wetan" tuluy indit kabelah wetan pasti anu kapanggih ngan saukur sang bayu anu ngahirupkeun sarta nu ngoyagkeun tangkal samoja anu nangtung dina sisi paesan, pek tanya ku arandika pasti jawabna " tanyakeun we kadulur anjeun anu di kulon" pasti jawabna nu katempo ngan saukur paesan nu taringgul ku tutunggul sarta di hias ku dangdaunan anu hejo ngemploh tuluy tanya! ari jawabna " tuh dulur anjeun anu dibelah kidul nungguan , sok geura panggihan ku anjeun pasti anjeun bakal panggih jeung gunung anu lenang, pasti jawabna "pek geura tarulisan ku aranjeun ku ayat - ayat tur asma anu maha widi nyaeta ku pepelakan anu geus di dzat keun kunu maha kawasa , tah e'ngke panggih jeung jatina diri sarta panggih jeung sajatina kalimah syahadat . jeung e'ngke dina hiji waktu bakal panggih jeung kaula anu disebut "JAJARAN RATU ADIL"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar